Urang sadaya jelas tos terang Budaya Sunda, da urang sadaya linggih di bumi pasundan anu budayana Sunda tea.. ^_^
Dienten kamari (Rebo, 17 Desember 2014) urang sadayana susundaan
dina rangka ngalastarikeun budaya sunda, urang sadayana nyarios sareng wawanohan jajanan sunda&kaamengan sunda...
kaamengan sunda saenyana seur pisan tapi aya dua permainan nu diamengken teh nyaeta: Sondah sareng kaleci, ameng sareng rerencangan maen kaleci teh rame pisan uhh resep lah pokokna mah.. :D
![]() |
| Kaleci |
![]() |
| (lamun dina bahas Indonesiana Kaleci teh tiasa disebat Kelereng) |
![]() |
| Sondah |
Saatos ameng babarengan, urang sadayana wawanohan sareng jajanan khas Sunda. Ternyata kaemaman sareng jajanan sunda teh raos pisan lebih raos ti kaemaman anu di restoran-restoran cepat saji hehehe. Nah...aya naon wae tah jajanan sunda teh? diantawisna:
1. Ciwang bahan dasarna aci sareung sambel suuk ditambihan goreng bawang rasana teh guring sareng lada.
2. Dodongkal bahanna tepung beas, gula aren, kalapa rasana amis :D
3. Gongsir, terang teu naon kepanjanganna? Gongsir teh nyaeta jaGong sareng gula paSir (red: Gongsir)
4. Cincau, cincau teh didamelna tina daun cincau anu diendapkan sawewengi teras ditambihan gula.
![]() |
| (Ciwang) |
![]() |
| (Gongir) |
![]() |
| (Dodongkal) |
![]() |
| Cincau |
Saentos emam jajanan Sunda urang sadayana netepan dzuhur berjama'ah, ngalaksanakeun Ibadah wajib ka Gusti Allah. Tiba waktosna emam, cubian tebak urang sadaya ngaemam naon??? yup...Nasi Liwet ^_^ uuhhhhh eta nasi liwet teh raoooosss pisan sampe urang sadaya dedeuien..
Nasi liwet teh cara masakna gampil pisan bahanna tina beas, salam,sereh,uyah sareng cai sacekapna. Nah nasi liwet teh aya rerencanganna nyaeta lauk asin, ayam goreng, lalaban, sambel, tempe sareng tahu. wahh pokokna anu teu acan nyubian kedah ngaemam ieu nasi liwet teh ^_^
Mugia urang sadayana tiasa ngalastariken budaya Sunda sasarengan, janten budaya sunda teh teu punah digerus waktos.

























































